Sunday, May 17, 2009

nyiar pakaya jeung pangakuan






rupa2 cara jelema nyumponan pangabutuh sorangan, pikeun neruskeun kahirupan sorangan atawa jeung anak pamajikan. tapi pikeun maneh-namah, lain ukur upah tinu manggil atawa saweran ti para panonton, tapi leuwih ti eta, rasa puas bisa ngabungahkeun nu ningali, atawa pangakuan ti panonton, yen kuring boga kaparigelan nu unggul jeung tinu lian. hiji bukti yen manusa hirup teh lain saukur ngeusian peujit nepi ka dipanggil maot, tapi butuh pangakuan sahingga bisa ditarima ku balarea jeung bisa nunjukkeun "ekstensi" sasuai jeung pangabisa atawa kaleuwihan masing. nu bisa ngendang...narabeuh di pentas Jaipong!! nu tarik lumpat-na...miluan olimpiade!! nu pinter gelut... paheula-heula ngarubuhkeun musuhna di ring tinju!! nu pinter ngomong....paheula-heula minteran nu bodo!!